Sabtu, 01 Mei 2010

puisi sunda

Di Sisi Jalan Karya: Rangga Rahadian
Manehna diuk tungkul.
Di sisi jalan liliwatan kuring sakola.
Namprakeun leungeun.
Ngasongkeun wadah.
Ka unggal jalma nu ngalalar.

Bajuna kucel kuleuheu.
Kulitna kelang ku poe.
Panonna celong ku kakolotan.
Di dinya, di sisi jalan.
Nyiar milik sahuapeun.
Lamun beurang, nya panonpoe anu marengan.
Cunduk peuting, nya hawa tiis anu nyimbutan.

Tapi, manehna satia.
Ngelok tungkul di dinya.
Teu sanak teu kulawarga.
Biheung saha nu daek mikanyaah.

Isuk harita manehna angger di dinya.
Di sisi jalan liliwatan kuring sakola.
“Deudeuh teuing nini, ieu ti abdi “
Cring, duit receh murag kana rantangna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar